Ngaregepkeun Dongeng Sangkuriang

Dongeng Sangkuriang
Dongeng Sangkuriang 

Ngaregepkeun Dongeng Sangkuriang  - Dongeng sangkuriang di bawah ini menggunakan bahasa sunda, bisa kalian gunakan sebagai pembelajaran bahasa sunda. 

SANGKURIANG


Rébuan taun ka tukang wewengkon Priangan dipingpin ka hiji raja anu kasohor adil palamana Ari pangaresepna éta raja nyata moro sato di leuweung Sato sabangsa mencek, bagong, lutung jeung sarupaning manuk mah saban miang moro gé tara nepi la nyamos.

Dina hiji poe, waktu keur aya di jero leuweung, raja teu kiateun hoyong kahampangan. Ari éta cal kahampanganana katandéan ku batok urut duwegan. Kabeneran, sajungna raja ninggalkeun tempat urut kahampanganana téa, aya bagong bikang ngaliwat. Eta bagong anu ngaranna Wayungyang téh bangun halabhab rakez da barang nempo aya cai nguyumbang dina batok téh langsung dinum

Anéhna, teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cal kahampangan raja, Wayungyang langsung reuneuh. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna jelema, awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Eta orok téh tuluy dirorok ku Wayungyang, tur dibéré ngaran Dayang Sumbi.

Kacaritakeun geus mangkat rumaja, Dayang Sumbi meredih ka Wayungyang malar ditepungkeun jeung nu jadi bapa. Teu hararésé, harita kénéh Dayang Sumbi dianteurkeun ka karaton. Wayungyang bébéja ka raja, yen éta budak awéwé téh taya lian budakna raja, anu lahir tina cai kahampanganana waktu moro ka leuweung téa. Raja langsung percaya kana omongan Wayungyang, tur harita kénéh nitah Dayang Sumbi pikeun cicing di karaton. Ari Wayungyang mah mulang deui ka leuweung. Sanggeus sababaraha waktu lilana cicing di karaton, Dayang Sumbi ngarasa sono ka indungna. Tuluy bébéja ka raja, maksudna rék nepungan Wayungyang di leuweung. Ngan sanepina di leuweung, Dayang Sumbi teu langsung patepung jeung indungna téh. Ku lantaran keyeng hayang panggih, Dayang Sumbi milih cicing di leuweung, nyicingan hiji ranggon. Ceuk pikima, sugan dina hiji poé mah bisa diparengkeun tepung. Tamba kesel, sapopoé Dayang Sumbi téh ninun di ranggonna.

Hiji poé, sabot keur anteng ninun, pluk téh taropongna ragrag. Mangkaning éta taropongna keur dipikabutuh pisan. Ngan ari rék turun, puguh matak capé turun unggah ranggon téh. Antukna Dayang Sumbi kedal ucap, sing saha anu bisa nganteurkeun taropongna ka luhur, mun awéwé

rék dijadikeun dulur, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Karék gé bérés cacarita, kurunyung aya anjing jalu nyampeurkeun ka saung ranggon tuluy nganteurkeun taropong ka luhur. Atuh kacida reuwasna Dayang Sumbi téh. Reuwas ku geus kalepasan ucap. Ari rék nyulayaan jangjina, piraku deui. Antukna Dayang Sumbi kawin jeung éta anjing anu ngaranna Si Tumang. Teu burung papanggih kabagjaan Dayang Sumbi jeung Si Tumang téh. Maranéhna dibéré turunan budak lalaki anu kasép tur gagah. Eta budak dingaranan Sangkuriang.

Nincak rumaja, Sangkuriang mimiti resep moro. Saban indit ka jero leuweung anu jauh ti pamatuhanana, Si Tumang tara tinggaleun maturan. Saban indit moro, témpona mulang téh tara nepi ka ngaligincing teu beubeunangan. Kituna mah aya turunan ti akina apan pinter moro téh. Ngan dina hiji waktu mah, basa Sangkuriang indit moro, sasatoan téh kawas anu geus arapaleun mun Sangkuriang keur ngadodoho nyawa maranéhna. Da éta we méh sapopoé aya di jero leuweung, teu hiji-hiji acan katempo. aya sato anu ngulampreng. Mangkaning harita téh dipesenan ku Dayang Sumbi, cenah Sangkuriang kudu meunang haté mencek.

Sabot keur ngajentul ngarasakeun kabingung, teu sabaraha jauh ti tempatna Sangkuriang nangtung, témbong aya bagong ngaliwat, Harita kénéh Sangkuriang nitah Si Tumang pikeun ngudag éta bagong. Ngan batan nyebrut ngudag bagong. Si Tumang téh kalah tulundan-télénden kana suku Sangkuriang bari ngépot-ngépotkeun buntutna. Sangkuriang ambek. Keur mah ti isuk-isuk can beubeunangan, ari ayeuna waktuna aya sato boroeun, Si Tumang anu dititah ngudag kalah cicing waé. Ari Si Tumang pangna teu daékkeun ngudag téh lantaran apaleun yén bagong anu ngaliwat téh mitohana, indungna Dayang Sumbi, Wayungyang téa. Bakating ku ambek, teu antaparah deui ngan gabres wać téh ditumbak, nepi ka paéhna. Inget kana paménta indungna anu

Si Tumang hayang haté mencek, teu mikir panjang deui Si Tumang dibelék diala haténa. Ceuk pikir Sangkuriang, haté Si Tumang gé teu béda ti haté mencek. Sangkuriang nepi ka luas maténi Si Tumang lantaran teu apaleun mun éta anjing anu satia maturan manéhna saban moro téh taya lian bapana pituin.